Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2026

NASKAH MC PERNIKAHAN ADAT SUNDA

Gambar
  NASKAH MC  PERNIKAHAN ADAT SUNDA     BUBUKA Assalamua’laikum Wr. Wb . Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.   MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan           katelahna, tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi. Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan. ...

Conto Naskah MC Formal

  NASKAH PANGATUR ACARA (MC)   BUBUKA   MC ( Tatahar ) Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah pangersa ……………………… parantos sumping tawis ning acara seja dikawitan.   Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Neda panyaksen acara bade dikawitan.   ( Bubuka-Muqadimah ) AssalamualaikumWr.Wb. Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruh, wa naudzubilahi min sururi wa min saiatiamalina mayahdilahu fala mudilalah wa ma yudlilhu fala hadiyalah,  Allohuma sholi alla muhammad waa alla ali sayidina muhammad, ama ba’du. Puji kalih syukur urang sanggakeun ka dzat anu Maha Kawasa Gusti All a h Azawazala, dzat anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dina wangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina raraga  ..............................,  kalayan alhamdulillah ...