Conto Naskah MC Formal
NASKAH PANGATUR ACARA (MC)
BUBUKA MC
(Tatahar)
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah pangersa ……………………… parantos sumping tawis ning acara seja dikawitan.
Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Neda panyaksen acara bade dikawitan.
(Bubuka-Muqadimah)
AssalamualaikumWr.Wb.
Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruh, wa naudzubilahi min sururi wa min saiatiamalina mayahdilahu fala mudilalah wa ma yudlilhu fala hadiyalah, Allohuma sholi alla muhammad waa alla ali sayidina muhammad, ama ba’du.
Puji kalih syukur urang sanggakeun ka dzat anu Maha Kawasa Gusti Allah Azawazala, dzat anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dina wangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina raraga .............................., kalayan alhamdulillah urang sadaya aya dina ginanjar kawilujengan. Amiin.
Salajengna Salam sinareng Solawat mugia salamina ngocor ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, kalayan pamugi aya leleberanana kanggo urang sadayana, anu ngagem ajaran Manten-Na. Amin
Anu dipurmat :
Pangersa …………………… miwah rengrengan.
Haturan wilujeng sumping ka pangersa …………………………… kalih rengrengan anu parantos kersa lungsur manah kanggo ngalu’uhan pangulem ………………., kalayan Alhamdulillah urang sadaya aya dina kasehatan lahir tumekaning batin, aamiin ya robbal alamiin.
Bapa/Ibu anu ku sim kuring dipihurmat,
Sateuacanna acara lumangsung, sim kuring neda widi seja nguningakeun runtuyan acara anu baris dipedar dina iyeu waktos, diantawisna :
PANGBUBUKA
GALINDENG QALAM ILLAHI
.......................
......................
......................
DO’A
(Acara Poko/Inti)
Bapa/Ibu anu ku sim kuring dipihurmat,
Supados teu nyangkolong teuing kana waktos
sumangga iyeu acara urang kawitan ku maoskeun BISMILLAH sasarengan….BIMILLAHI
ROHMANNIRAHIIM.
Salajengna nincak acara anu kadua,
GALINDENG QALAM ILLAHI, anu baris didugikeun ku
saderek……………………
…………….ngahaturkeun nuhun ka saderek anu parantos maoskeun ayat suci anu nembe, pamugi Allah SWT. Mukakeun lawang kalancaran kanggo permaksadan dina dinten iyeu. Aamiin.
Salajengna, LAGU INDONESIA RAYA, hadirin dihaturanan ngadeg.
…………….sumangga hadirin dihaturanan lenggah.
Bapa/Ibu anu dipihurmat,
Acara ka opat, sambutan ti ………………………………,
waktos sinareng tempat kasanggakeun.
………………………..ngahaturkeun nuhun ka …………………. anu
parantos masihan sambutanna.
Bapa/Ibu anu dipihurmat,
Acara demi acara parantos rengse, salajengna
supados permaksadan atanapi rencana urang lana manjang tinekanan, manga urang
lajengkeun kana acara anu ka genep, Doa pangjajap anu baris dituyun ku saderek
…………………….
Hatur nuhun ka saderek ……………….anu parantos nuyun
du’a pangajajap, pamugi Allah SWT. Ngaijabah sagala rupi cita-cita/harepan
urang sadayana, aamiin ya robbal alamiin.
(Panutup)
Bapa/Ibu anu dipihurmat,
Acara ti kawit parantos dilaksanakeun kalayan lumangsung aya dina kalancaran, mangga urang sami-sami maoskeun Alhamdulillah sasarengan..”ALHAMDULILLAH”.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang, cag....
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan.
Billahi taufiq wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb
Komentar
Posting Komentar