NASKAH MC PERNIKAHAN ADAT SUNDA
NASKAH MC PERNIKAHAN ADAT SUNDA
BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah
rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat
nyatang pinang.
Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka
jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda
panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu
galuh kelurahan katelahna, tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi. Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga
geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh,
tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle
tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun). Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget.
Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna
ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados,
pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di
dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami
uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.
Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina
saliring dumadi. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung
kedah di sarengan ku ucap.
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut
tina guguran. Namung kedah di beunyeur beaskeun, kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara
urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka____________________
Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi,
mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang
sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu
janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi
jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing
balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan
kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni
gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain
lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja
ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng
bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang
carita.
Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di
sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah
ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong,
aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu
daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten
pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis
ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes
namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak
kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati
ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang
ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng_____________cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun.
Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad
nikah seja
dikawitan. (Mangga candak calon
panganten istri ka luar).
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan
Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu
maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah
parantos rengse kalayan lancar.
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga
ieu acara disanggakeun kka pangersa_____________________)
DO’A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi
urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di
lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa
__________________ di haturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa
nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di
teda.
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr.
Wb.

Komentar
Posting Komentar