Postingan

NASKAH MC PERNIKAHAN ADAT SUNDA

Gambar
  NASKAH MC  PERNIKAHAN ADAT SUNDA     BUBUKA Assalamua’laikum Wr. Wb . Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.   MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan           katelahna, tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi. Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan. ...

Conto Naskah MC Formal

  NASKAH PANGATUR ACARA (MC)   BUBUKA   MC ( Tatahar ) Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah pangersa ……………………… parantos sumping tawis ning acara seja dikawitan.   Bismillah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Neda panyaksen acara bade dikawitan.   ( Bubuka-Muqadimah ) AssalamualaikumWr.Wb. Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wanastagfiruh, wa naudzubilahi min sururi wa min saiatiamalina mayahdilahu fala mudilalah wa ma yudlilhu fala hadiyalah,  Allohuma sholi alla muhammad waa alla ali sayidina muhammad, ama ba’du. Puji kalih syukur urang sanggakeun ka dzat anu Maha Kawasa Gusti All a h Azawazala, dzat anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Kalayan dina wangkid ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung paamprok jonghok dina raraga  ..............................,  kalayan alhamdulillah ...
Gambar
  SUSUNAN ACARA PERNIKAHAN ADAT SUNDA   Ieu mangrupikeun rarancang acara anu biasa dilaksanakeun dina pernikahan adat Sunda, ngawengku Upacara Adat dina dinten Akad Nikah : Bubuka (Pembukaan) Mapag Pangantén Pameget (Penjemputan Calon Pengantin Pria) Prosesi mapag ku Ki Lengser sareng Punggawa. Pengalungan Mangle (Kalung Kembang). Serén-Sumérén (Seserahan) Biantara panampian ti sesepuh Pangantén Istri. Biantara panyérénan ti sesepuh Pangantén Pamagét. Maoskeun Ayat Suci Al-Qur'an Walimatul Ursy / Akad Nikah Khutbah Nikah. Ijab Kabul. Maoskeun Do’a. Sungkem (Sungkeman) Upacara Adat Saatos Akad Nikah Nincak Endog (Nincak Endog sareng Meca Kendi). Meuleum Harupat (Ngaduruk Harupat). Sawéran (Nyawéran pangantén). Muka Panto (Buka Pintu, diistrénan ku silih témpas pantun ). Huap Lingkung (Silih Huapan s...
Gambar
  SAWER PANGANTEN   RAJAH  : Balumbung Agung rahayu  Ruminjing, manjing walagri Balumbung Agung rahayu  Ruminjing, manjing walagri ...   Bray caang bray narawangan Wangi diri sanubari Gorejag  sarengkang-ringkang  Rancagé haté awaking...   Ngembatkeun jalan laratan katampian geusan mandi, Ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari Rék muru  lulurung tujuh ngaliwat kapajajaran bongan hayang pulang anting Padungdengan-padungdengan, jeung usikna pangancikan Hung Ahung...   Turun ti gunung gumuruh, kahujanan,,, Kumalati .... Nyamoyan di pamoyanan, papanggih jeung urang dami Anu keur mener ngarajah, madep ka Dayeuh ka Wangi Hung Ahung.   TEJAMANTRI Hidep ginanjaran bagja tepung rabi jatukrami Muka lambaran carita Natrat dina rumah tangga jimatna ngan welas asih antara hidep duaan Poma lali kana pawit eunteup teuteup tepung rasa Dumeling asih mandiri, ngancik asih lahir batin Mungguh tuturus lumaku eunteungan di...

MODUL AJAR BASA SUNDA KELAS 10 - SAJAK

  Kelas                  : 10 Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Materi                 : Sajak Alokasi Waktu   : 3 Pertemuan (3 x 45 menit)   Tujuan Pembelajaran Siswa dapat memahami ciri-ciri sajak dalam bahasa Sunda. Siswa mampu mengidentifikasi unsur-unsur pembentuk sajak (tema, rima, dan makna). Siswa dapat menulis sajak sederhana dalam bahasa Sunda. Siswa mampu mengapresiasi karya sastra berupa sajak dan menyampaikan maknanya.   Materi Pembelajaran Pengantar Sajak dalam Bahasa Sunda : Mengenalkan apa itu sajak dan fungsinya dalam budaya Sunda. Struktur dan Ciri Sajak Sunda : Tema : Pemilihan tema dalam sajak Sunda yang sering berkaitan dengan alam, cinta, dan kehidupan sehari-hari. Rima : Mengajarkan konsep rima atau pers...