SAWER PANGANTEN
RAJAH
:Balumbung Agung rahayu
Ruminjing, manjing walagri
Balumbung Agung rahayu
Ruminjing, manjing walagri ...
Bray caang bray narawangan
Wangi diri sanubari
Gorejag sarengkang-ringkang
Rancagé haté awaking...
Ngembatkeun jalan laratan katampian geusan mandi,
Ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari
Rék muru lulurung tujuh ngaliwat kapajajaran bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan, jeung usikna pangancikan
Hung Ahung...
Turun ti gunung gumuruh, kahujanan,,, Kumalati ....
Nyamoyan di pamoyanan, papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah, madep ka Dayeuh ka Wangi
Hung Ahung.
TEJAMANTRI
Hidep ginanjaran bagja tepung rabi jatukrami
Muka lambaran carita
Natrat dina rumah tangga jimatna ngan welas asih
Poma lali kana pawit eunteup teuteup tepung rasa
Dumeling asih mandiri, ngancik asih lahir batin
Mungguh tuturus lumaku
eunteungan diri pribadi
Lamun pinanggih cocoba
Mangsana deuke
ut anggang wiwilangan kudu meruhkeun ka nafsu
Poma masing nya satuhu
Pipindingan Iman Islam jauhan sipat takabur
Nu ngancik ngan welas asih eta bebentengna rabi
KIDUNG
Ayeuna nya nawaetu ku Asmana Illahi
Bismillah mah jait jalan
Rahman rahim nu dipamrih ngambah hirup rumah tangga
Kengeng rahmat ti hyang widi
SINOM
Tumut ka papagah sepuh
Tawisna hidep mupusti
Konci gedong kabagjaan
Aya di sepuh utami
Pundut mah anggur du’ana
Sangkan mulus laki rabi
PANGAPUNGAN
Hidep cunduk kana waktu, Boga kabeungberat ati
Nyatana bojo utama , Eulis pinilihan ati
Sing bisa mulasarana, Sangkan rapih laki rabi
Eulis kudu nya mituhu, Ka panutan siang wengi
Kacaroge teh panutan, Sumujud ku ati suci
Cegahan lampah ngahina, Tigin mupusti ku asih
AAMIIN YAA ROBBAL ALAMIIN MUGI GUTI NANGTAYUNGAN

Komentar
Posting Komentar