SUSUNAN ACARA PERNIKAHAN ADAT SUNDA

 

Ieu mangrupikeun rarancang acara anu biasa dilaksanakeun dina pernikahan adat Sunda, ngawengku Upacara Adat dina dinten Akad Nikah :

  1. Bubuka (Pembukaan)
  2. Mapag Pangantén Pameget (Penjemputan Calon Pengantin Pria)
    • Prosesi mapag ku Ki Lengser sareng Punggawa.
    • Pengalungan Mangle (Kalung Kembang).
  3. Serén-Sumérén (Seserahan)
    • Biantara panampian ti sesepuh Pangantén Istri.
    • Biantara panyérénan ti sesepuh Pangantén Pamagét.
  4. Maoskeun Ayat Suci Al-Qur'an
  5. Walimatul Ursy / Akad Nikah
    • Khutbah Nikah.
    • Ijab Kabul.
    • Maoskeun Do’a.
  6. Sungkem (Sungkeman)
  7. Upacara Adat Saatos Akad Nikah
    • Nincak Endog (Nincak Endog sareng Meca Kendi).
    • Meuleum Harupat (Ngaduruk Harupat).
    • Sawéran (Nyawéran pangantén).
    • Muka Panto (Buka Pintu, diistrénan ku silih témpas pantun).
    • Huap Lingkung (Silih Huapan sareng Narik Bakakak Hayam).
  8. Panutup (Penutup)

 

 

Naskah Pembawa Acara (MC) Pernikahan Adat Sunda (Basa Sunda)

 

1. Bubuka (Pembukaan)

MC :

Assalamualaikum Warahmatullahhi Wabarakatuh,

Sampurasun !

 

Alhamdulillahirobbil'alamin, wassholatu wassalamu 'ala asyrofil anbiya'i wal mursalin wa'ala alihi washohbihi ajma'in.

 

Para kiyai, para ustadz, para inohong, papayung agung, sadayana hadirin miwah tatamu anu sami rawuh, nu ku sim kuring dipihormat. Langkung tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahi Rabbi, anu parantos maparinan ni'mat, dugi ka urang tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, dina ieu munggaran acara akad nikah Neng [Nami Pangantén Istri] putra Bapak/Ibu [Nami Sepuh Istri] sareng Cep [Nami Pangantén Pameget] putra Bapak/Ibu [Nami Sepuh Pameget]. Mugi-mugi ieu acara tinangtos baris lungsur langsar sakumaha estuna.

 

Sim kuring salaku panata calagara, neda widi ka sadayana, tawakup neda waktos kanggo ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun, diantawisna :

  1. Bubuka
  2. Mapag Pangantén Pameget
  3. Serén-Sumérén / Seserahan
  4. Maoskeun Ayat Suci Al-Qur'an
  5. Walimatul Ursy / Akad Nikah
  6. Sungkem
  7. Upacara Adat (Nincak Endog, Sawér, Huap Lingkung, jst)
  8. Do'a sinareng Panutup

 

2. Mapag Pangantén Pameget

MC : Bapak, Ibu oge hadirin sadayana. Jagong tuhur meunang ngunun, haturan wilujeng sumping ka rombongan calon pangantén pameget, Cep [Nami Pangantén Pameget] miwah rombongan.

Sim kuring neda panyaksén ti sadayana, ieu acara baris dikawitan ku prosesi upacara adat Sunda, nyaéta Mapag Pangantén Pameget. Sumangga ka juru Mapag Pangantén (Ki Lengser) dihaturanan kapayun kanggo mingpin lumangsungna ieu acara, minangka bubuka pamapag.

(Prosési Mapag, biasana ku lengser, disusul ku Pengalungan Mangle atawa kalung kembang ku ibuna calon pangantén istri)

 

3. Serén-Sumérén (Seserahan)

MC : Para hadirin miwah tatamu sadayana. Nincak kana acara salajengna, nyaéta Serén-Sumérén ti pihak calon pangantén pameget ka pihak calon pangantén istri. Sok sanaos tos puguh permaksadan, nanging ieu téh mangrupi adat sareng tata krama minangka pamatri tali silaturahmi.

Ku kituna, sumangga ka Pangersa Sesepuh/Wawakil ti pihak Calon Pangantén Pameget, Bapak [Nami Sesepuh Pameget], dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun biantara sérénna. (Panyérénan ku Sesepuh Pameget)

 

MC: Ngahaturkeun nuhun ka Bapa Sesepuh ti rombongan calon pangantén pameget anu parantos ngadugikeun pamaksadanana. Salajengna, kanggo pangwalerna, sumangga ka Pangersa Sesepuh/Wawakil ti pihak Calon Pangantén Istri, Bapak [Nami Sesepuh Istri], dihaturanan kapayun kanggo nampi serén-sumérén. (Panampian ku Sesepuh Istri)

 

MC: Alhamdulillah. Bingah amarwata suta, bingah nu taya papadana. Dua kulawargi parantos ngahiji satékad ngaitkeun jangji pasini, laksana paneja ati cunduk waktu nu mustari.

 

4. Maoskeun Ayat Suci Al-Qur'an (tiasa ditempatkeun sateuacan acara seren sumeren)

MC : Para hadirin sadayana, sateuacan ngalaksanakeun acara anu utami, hayu urang sami-sami dangukeun lantunan Kalam Ilahi, mugia janten pangémut sareng nambihan katingtriman dina manah urang sadaya. Sumangga ka pangersa Qori/Qori'ah [Nami Qori/Qori'ah] dihaturanan. (Maoskeun Al-Qur'an)

 

5. Walimatul Ursy / Akad Nikah

MC  : Ayeuna parantos dugi kana acara utama, nyaéta Akad Nikah. Wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Uga pakaitna tatali asih Neng [Nami Pangantén Istri] sareng Cep [Nami Pangantén Pameget].

Sumangga ka Pangersa Bapa Petugas ti Kantor Urusan Agama (KUA) sareng para saksi, dihaturanan kapayun kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.

Supados prosesi Ijab Kabul aya dina kalancaran, mugi urang sasarengan maos Basmallah. "Bismillahirrahmanirrahim." (Prosesi Ijab Kabul)

 

MC: Alhamdulillah Wa Syukurillah. Kalayan rido Gusti Nu Maha Suci, sareng pangdu'a ti sadayana, Akad Nikah parantos rengsé kalayan lancar. Neng [Nami Pangantén Istri] sareng Cep [Nami Pangantén Pameget] parantos sah di istrenan. Mugi janten kulawarga anu sakinah, mawaddah, warahmah.

 

6. Sungkem (Sungkeman)

MC : Acara salajengna, nyaéta Sungkeman. Mangrupi tawis bakti, hormat, sareng nyuhunkeun restu ka Ibu sareng Rama anu parantos ngatik ngadidik ti alit dugi ka mangsa dewasa ayeuna. Sumangga ka Pangantén Duanana dihaturanan kanggo ngalaksanakeun Sungkeman. (Prosési Sungkeman)

 

7. Upacara Adat Saatos Akad Nikah

MC : Hadirin sadayana, acara salajengna urang badé ngalaksanakeun sababaraha Upacara Adat Sunda anu ngandung hartos kanggo pibekeleun pangantén dina ngawangun rumah tangga.

 

A. Nincak Endog sareng Meuleum Harupat

MC: Mangga geura dikawitan ku Upacara Nincak Endog sareng Meuleum Harupat. Ieu upacara janten lambang kasatiaan sareng tanggung jawab salaki ka pamajikan dina miara rumah tangga. (Ngajak pangantén ka tempat prosési Nincak Endog)

B. Sawér Pangantén

MC: Dilajengkeun kana upacara adat Sawér Pangantén. Kanggo Pangantén sumangga dihaturanan lenggah. Sawér Pangantén ieu euyeub ku pituah sareng doa ti sepuh, disarengan ku ngawurkeun béas, artos récéh, sareng konéng minangka silokana rejeki, kabagjaan, sareng kasalametan. Sumangga ka pangersa [Nami nu Nyawér] dihaturanan. (Prosési Sawéran)

C. Buka Pintu

MC: Salajengna, upacara Buka Pintu. Ieu mangrupikeun simbol, kanggo pangantén pameget kedah tiasa muka panto bumi ngalangkungan lisan anu saé, anu biasana diwujudkeun ku silih témpas pantun nu pinuh ku kawijaksanaan. (Prosési Muka Panto)

D. Huap Lingkung

MC: Acara pamungkas tina Upacara Adat nyaéta Huap Lingkung. panganten silih huapan minangka lambang silih asih, silih mikaheman, sarta silih tulungan dina sagala rupi kaayaan. Teras narik bakakak hayam anu mangrupikeun simbol silih bantos dina milari rejeki. (Prosési Huap Lingkung)

 

8. Panutup (Penutup)

MC : Bapak, Ibu miwah para wargi hormateun sim kuring. Rupina rundayan acara ti kawit dugi ka akhir parantos rengsé dipedar kalayan aya dina kalancaran. Mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci.

Kanggo mungkas ieu acara, hayu urang sasarengan tutup ku do'a. Sumangga ka pangersa [Nami nu Mingpin Do'a] dihaturanan kanggo mingpin do'a. (Do’a Panutup)

 

MC: Hatur nuhun. Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu kirang merenah, basa nu teu sampurna, tata titi undak-usuk basa anu teu luyu, hapuntenna anu diteda.

Urang pungkas ieu acara ku maoskeun Hamdallah. "Alhamdulillahirabbil'alamin."

    Billahi Taufiq Wal Hidayah, Wassalamualaikum Warahmatullahhi Wabarakatuh.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

MODUL AJAR BASA SUNDA KELAS 10 - SAJAK

MODUL AJAR BASA SUNDA KELAS 10 – CARITA BABAD

MODUL AJAR BASA SUNDA KELAS X MATERI KAWIH